Minggu, 18 April 2010

Turaes

Panas poe kacida ngaheabna, Iuh-iuh dokotamah asa jarang, tatangkalan loba di tuaran. Ceunahmah
rek aya penghijauan, tapi naha tatangkalan loba anu di bukbak. Suasa kota jadi gersang jiga urang asup ka kebon jagong anu tangkalna geus garing sesa panen.
Panas anu kacida mentrangna kusabab geus rek nyinghareupan usum halodo. Sora turaes geus ngageuret wae nu narangkod na tangkal mahoni. Ngan beda turaes di kotamah leleutik, soalna kamari meunang hiji anu murag tina tangkal mahoni.

Nukumaha ceunah ari turaes ?
Awakna butekel, panonna bolotot, jangjangna ipis siga palastik, aya gurat-gurat tingareli. Dina beuteungna nu pulas hideung jeung gading aya nu ngageret. Dina tonggongna gé aya geretna téh kelir bodas, aya nu ngagebleg bodasna téh aya nu gigir kénca jeung katuhu wungkul. Sukuna genep, mun pareng ngaranggeum ramo téh karasa peureus.
Ari sorana teuing ku harus, nikukur, jaluna cenah nu kitu téh. Disarada bari nangkod maroyan kana tatangkalan nu jarangkung, kayaning tangkal peuteuy, jeungjing, jeung sajabana. Sakapeung sok eunteup na kararas tangkal cau.
Tah éta, turaés téa. Hamo bireuk, sato sabangsa tonggérét nu sok midang di kebon  wanci ngahaeub ka sareupna tur sorana matak sumeblak pipikiran. Turaés gé umumna ayana téh sok di pakebonan.
Datangna dina usum mamareng, enya nganggeuskeun usum hujan maju kana usum panyelang atawa halodo. Nu matak, turaés téh sok dipaké totondén usum ngijih rék ngampih, dipindo usum halodo.
Di lembur kuring, pasawahan jeung pakebonan téh ngampar kénéh, jadi ngadéngé sora turaés unggal usum mamareng téh geus teu bireuk deui. Indit ka pasir, los ka kebon, teu sirikna matak katorékan ku sora nu raés-raésan barjamaah, mun di kota mah teu bina ti sora nu keur ngelas beusi.

Tah eta turaesteh nu kitu, urang lemburmah pasti arapaleun turaes, tapi mun ceuk urang cianjurmah disebutnateh oer-oer. Tapi teu nanaun beda ngaran asal sarua rupana we nya eta nuju kana turaes.

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes