Sabtu, 17 April 2010

PEPELING

Hayu urang saradia
Meungpeung keur hiruf di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya
Geuning maot ngdodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretak taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Dimana ajal tos sumping
Teu meunang tempo anaking

Horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babareungan
Datang mangsa pipisahan
Paturay tineung amitan

Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geunig awak urang pisan
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug menggah beungong
Nafas ngangsreg na geunggeurong
Nu deukeut geus teu katembong

Horeng ieu the sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapai urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkak taya dayaan
Rek kumaha pangharepan

Boro mah keur suka betah
Ngatur nafsu, seri ngenah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barzah

Geus waktu ninggalkeun lembur
Manuju ka alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu dibawa
Duit tawa sawah lega?
Meunang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Meunang tisuk-sruk tidung-dung
Nu sok dipake adigung
Kana solat matak ling-lung
Waktuna zakat mah embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggeus kemper
Di tengah imah ngagoler

Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Lagadar datang pasaran
Montong lila sosonoan

Nungariung nyingkir miris
Nyaah ge bati ngalengis
Geumpeur pacampur jeung waas
Setan mah bari mupuas

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satanggung
Ngan ngasih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung

Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet henteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy henteu nyubadanan

Ari ngeurik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buraung
Ting garisik ting rariung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwatkeun logak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur di rurug sarung
Nu ngiringna semu muyung
Nangkeup dada ting kuyungkung

Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut Beuki deukeut
Beuki deukeut Beuki deukeut
Kana logak rupek heureut

Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku leumah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cumelik susah

Ahli sobat kawawuhan
Teu nolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babareungan

Mana sobat mana dulur
Geuning buriak ka lembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nudipuhit beurang peuting
Cik mana nu rek ngabeking?
Geuning geus kieu mah kuring

Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekal


Hanjakal nurut ka embung
Ngan harta nu digugulung
Atawa nganggur cinutrun
Ayeuna geuning kaduhung

Naon keur pangnyinglar sedih
Naha ku cimata geutinh?
Tawa bangkieung ku keulih?
Harta mah geuning teu nolih

Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu taat
Teu kurang nu nasehatan

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek tunggu jawab sorangan
Geura jawab pariksaan

Peremutan parantosan
Mangga geura laleunyeupan
Sugan sinareng jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan

Kumaca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping

Mugi kang jeng rosululloh
Nyebat ka abdi sadaya
Di payuneun gusti Alloh
Sing janten wusul sadaya

Mutaba`ah ka utusan
Na laku lampah utusan
Tepang di mana kempeulan
Mahsyar poe kanalangsaan

Mugi umat sadayana
Bingah ningal kararayna
Tina bingahna anjeuna
Tepang ka umat anjeuna

0 komentar:

Posting Komentar

Twitter Delicious Facebook Digg Stumbleupon Favorites More

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes